" KURING IBAS !"
Ret kana kalender.Gebeg !, jantung asa rujad !, waktu nyerelek, nyedek, henteu karasa." Ningan ngan tilu poe deui !" rahuhna. Ngimpi endah pangantenan, puray, lalumpatan bareng jeung renghap napas nu beurat, mikiran piwaragadeun nu can aya saperak-perak acan. Nuturkeun kahayang suku, manehna anjog ka Istana Cipanas tempat Ibas jeung aliya rek dirapalan. Balandongan ruhruy pinuh ku kiceup lampu, . Di langit bentang tingkaretip ngabebenjokeun amarah nu ngabudah. "Gusti ningan keur Uing mah !, kawin teh meni ku hese !". Belecet manehna lumpat, muru istana. "Maneh saha !" sengor penjaga bari nyekek!. " Kuring Ibas " jawabna . " Dasar jelema Gelo !!" ceuk penjaga bari buk bek neunggeulan. Langit karasa muter, tetempoan jadi kararoneng. Gebru !! awakna ambruk !, nyangsaya na bak mobil tibum nu mawa ragana teuing rek dipiceun di lebah mana !.